contoh text pidato


Assalamu alaikum wr wb.
Bismillahirrahmanirrahim. Alhamdulillahirobbil ngalamin, assolatu wassalamu assropi ambia’i wa’ala alihi wasohbihi ajmain, amma ba,du.
            Hadirin Bapak Ibu anu kusimkuring dipihormat oge ku Allah. Saparantos muji ka Allah swt, sareng nyanggakeun solawat ka kanjeung nabi Muhammad saw. Kaluwargi sareng kapara sohabat na, langkung tipayun sumangga urang sami-sami takwa ka Allah awt.
            Ngadegna simkuring dina danget ieu payuneun aranjeun simkuring moal dakwah da simkuring sanes ajeungan atanpi ustad tapi, simkuring ngan saukur ngajelaskeun anu judulna nyaeta “ulah wani ninggalkeu solat”.
Hadirin kaum muslimin wal muslimat.
            Takwa peryogi dimiliki kusadayana utama ku umat islam, kamo deui keur umat islam mah solat teh jang beukeul engke jeur ka akhirat. Margi takwa teh seolah-olah koncina, sareng solat teh tiangna agama. Urang parantos sami-sami uninga, solat anu lima waktu teh kalntang wajibna jalaran pokokna pisan. Ibadah malah engke di alam akhirat pang payun-payunna papariosan teh urusan solat. Upama solatna beres nyumponan sakumaha kuduna bener syarat rukuna, nyaho babatlana, ageung harepan kana tampina rukun islam atawa anu sejena. Sawasulna upami solat henteu beres, rukun islam atawa ibadah anu anesna hariwang henteu ditampi.
            Ku agung-agung ibadah solat, diparentahkeun langsung tigusti Allah swt. Kalawan ditampi ku kanjeung nabi Muhammad saw. Ku anejeuna, teu peratuwisan malaikat jibril. Nyaeta dina nalika mi’raj tea. Benten sareng parentah-parentah atwa sareat anu sanesna. Anu sajabana ti nganggo parantawisan malaikat jibril teh diparentahkeun  di dunya, tegesna di madinah. Ku margi eta, upami aya jalma embung nglakonan solat lima waktu, leuwih alus deu lamun eta jalma ulah ngaku islam.
Dawuhan panutan agung kanjeung nabi Muhammad saw.

Anu hartosna :  sing saha jalma anu mikawani ninggalkeu solat kalawan ngahaja eta jalma
Jelas kafirna. (R. Thabarani ti anas)

            Jalma anu ngenteng-nganteng ngamohokeun kana solat, bakal ngarandapan kahanjakalan alu liar biasa, kaduhung anu maol aya tuntungna engke di alam akhirat. Pikeun ditempatkeunana dina naraka saqor. Kacida pisan beuratna ancaman gusti Allah ka jalma-jalma anu kamawani ningalkeun solat. Dina kahirupan dunyana moal dibere kaberkahan, sakabeh amalna moal ditarima. Dina waktu maotna moal dihinakeun, waktu maotna pohara lapar halabhabna, waktu dicabut ruhna ku malaikat ijrail moal dipikarunya saetik oge. Saterusna di alam akhiratna baris di alungkeun kana naraka saqor.


Anu hartosna:   Naon anu ngalantarkeu arandika arasup kana naraka saqor “jawabna” kaula
sararea lain ti golongan anu sarolat atawa arariman.

Di ceukapkeun sakitu bae ti simkuring, wabillahi taupik wal hidayah.
Wassalamu alikum wr wb.