Contoh Teks Wawancara Bahasa Sunda



wawancara basa sunda



Teh enong si pangusaha peuyeum

Neng sari         = nu ngawawancara
Teh enong       = nu diwawancara

neng sari          : assalamualaikum !!
teh enong        : waalaikumsalam !!
neng sari          : punten teh, tiasa nyungkeun waktosna sakedap 
teh enong        : oh muhun , aya kaperyogian naon nya ?
neng sari          : bade ngawawancara perkawis usaha nu di ulik ku teteh ?
teh enong        : oh mangga .
neng sari          : dupi wasta teteh teh saha ?
teh enong        : wasta teteh Enong Ngatini .
neng sari          : teteh linggih timana ?
teh enong        : abdi linggih di jl.mudun , pengkolan 
neng sari          : tos sabaraha lami teteh ngulik usaha leueuteun tina peuyeum ?
teh enong        : kirang langkung nembe 2 taun
neng sari          : ari leueuteuna naon wae ?
teh enong        : di antawisna , brownies peuyeum, bolu peuyeum , peuyeum bol, donat
                          peuyeum, goreng peuyeum jsb.
neng sari          : oh, pami peuyeum na.. kenging ngadamel nyalira atau ngagaleuh ?
teh enong        : upami abdi mah ngadamel nyalira 
neng sari          : ari ieu teh di pasarkeuna ka mana wae ?
teh enong        : ka warung" , ka toko" kue , sareng di pasarkeun di toko nyalira.
neng sari          : ari kekengingan sa sasihna sabaraha ?
teh enong        : kirang langkung 3juta , kadang teu tangtos neng. pami nuju tiiseun mah sok
                          kenging 2juta .
neng sari          : muhun atuh, hatur nuhun kana waktosna tos kersa di wawancara ku  
                         simkuring.
teh enong        : oh, sami-sami neng


Sumber : Source Link